Sabtu, 18 Juni 2011

paribasa jeung babasan

1.       Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
2.        
3.       Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
4.       Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
5.       Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
6.       Cul dogdog tinggal igel Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
7.       Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
8.       Mapatahan ngojay ka meri Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
9.       Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
10.   Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
11.   Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
12.   Kumeok (ngeok) memeh dipacok Wegah memeh ngajalankeun pagawean,
13.   Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
14.   Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
15.   Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
16.   Goong nabeuh Maneh Ngagulkeun Diri sorangan
17.   Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
18.   Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
19.   Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui Teu hayang dibalikan deui (awewe ka urut salakina).
20.   Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.