Sabtu, 18 Juni 2011

contoh biantara sunda

NGARONJATKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr Wb

Girang pangajén kalih hadirin sadaya nu dipihormat,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanés seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh sunda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin nu dipihormat,

Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoréng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran téh, taya sanés kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adéan ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.

Sanés hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun téh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa sabab basa téh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu ogé bakal disebut sekesélér sunda saupama disarengan ku aya basana.

Sajabi ti éta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Éta téh sanés mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun.

Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaéta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda ogé kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda ogé tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu ogé upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho téa.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah éraan. Ulah éra ngagunakeun basa Sunda atawa ulah géngsi cacarita ku basa sunda.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumulé budaya karuhun.

Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumulé ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.

Manawai bahan katampi, hapunten … sanés bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.










http://kabarmu.blogspot.com/2010/07/contoh-pidato-145.html